Jumat, 23 Oktober 2009

    wilujeng sumping di alam "maya"

    Raraosan mah asa kamari teh simkuring diajar ngutak-ngatik kana blog teh. Na ari jorojoy teh asa hayang upama ngadegkeun blog anu ku basa sunda. Eta we da unggal mukaan blog seuseueurna mah ku basa Indonesia wae. Atawa ku basa deungeun anu teu matak kaharti ku kuring mah, ma'lum urang asli urang Sunda turug-turug Sunda-na padusunan. Atuh lengkep sagala teu kanyaho teh. Tapi ari kahayang mah da teu bisa ditunda-tunda, angger we ngageremet hayang geura-geura bisa nyieun blog sunda. Lemes tur pikaresepeun atuda basa Sunda teh.

    Nya salian ti eta kuring teh hayang ngamumule basa Sunda katut budaya Sunda. Ari kana budayana mah kuring teh da teupati bisa, malah teu wanoh-wanoh acan, tapi atuh sugan we basa Sunda-na mah ulah leungiteun teuing. Keur pulunganeun turunan urang jaga, jaman nu bakal datang. Simkuring oge nyuhunkeun dihapunten ka para pamaos anu ngaraos kirang sreg sareng blog ieu, manawi ieu blog teh nembean diadegkeun, sareng kirangna katiasa nu ngadamel, janten henteu tiasa sadayana 100% basa Sunda. Minimal "postingannana" wae anu ku basa Sunda teh. Mudah-mudahan kapayuna aya anu kersa ngalereskeunnana sareng ngembangkeu ieu blog.

    Rupina ngan saukur pangbubuka ti simkuring ieu teh, dicekapkeun sakieu bae. Hatur nuhun, wilujeng ngiringan bae.

    Hurip Sunda...!
     

    About

    Site Info

    Text

    Blog Sunda: urang Sunda kudu motekar Copyright © 2009 Community is Designed by Bie